Assalamu'alaiqum. Wr. Wb
Simkuring bade ngadugikeun hiji carita sunda nyaeta Drama anu pasti aranjeun sadayana moal bosen macana. Kumargi carita ieu pikaseurieun, bahasana oge campuran antara B.Sunda + B.Indonesia. Mangga baca wae tikawit dugi ka akhir.....
AKHIRNYA KAWIN JUGAAAAA...!!!
Nama Anggota : -Arip
Budianto
-Aulia
Ulfah
-Dindin
Solehudin
-Fiqri
Nugraha Ardiansyah
-Ira
Rahmawati
-Mia
Noerlatifah
-Muhammad
Sidik
-Rahmat
Ramadhan
-Rangga
Hadiwiguna
-Ressy
A.M
-Rian
Nurhidayat
-Widya
Novi Subarja
Tokoh :
Rian.N : Ibro :pamuda,bageur,kabogohna Euis
Aulia :Euis :gadis,bageur,kabogohna
Ibro
Rangga :Abah :merekedeweng, bapana Euis
Widya :Emak :bageur, indungna
Euis
M. Sidik :Pa
Ustad,lebe :bageur,
Ressy :Masha :orang luar negeri,adi
tere Ibro
Dindin :Copet
1 :jahat
Rahmat
:Copet 2 :jahat
Ira :Mira :bageur,babaturanna Euis jeung Ibro
Mia :Ina :bageur
babaturanna Euis jeung Ibro
Fiqri :Uned :bageur
babaturanna Euis jeung Ibro
Arip :Sopyan :bageur
babaturanna Euis jeung Ibro
TAHAP I (Di gardu)
Dina
hiji poe aya si Euis keur moyan dina gardu bari nyisiran rambutna anu baseuh
kakara diangir. Biasa, tiap tanggal 5 mah jadwalna diangir , da diangirna ge
sabulan sakali.
Teu
kanyahoan tidituna, aya si Kang Ibro datang ti beh wetan. Manehna aya maksud
rek nyampeurkeun si Euis.
Ibro : “Euleuh
euleuh.. aya si Euis euy.. kabeneran ieumah. Ieu meureun gusti nyaa panginten
Totonde abi
jodona Euis teh.. Samperin aaaaaaah..”
(Si Ibro gancang nyampeurkeun si Euis bari
nyanyi)
Rambut
panjang nu ngarumbay, disisir ku Neng Euis.. Neng Euis anu geulis.. lalalalala~
Euis : “Aeh akang..
meuni sae ih eta laguna..”
Ibro : “yaiyalah
neng, ciptaan Akang Ibro bin Haji Hadiningrat Atmaja teaaa atuh”.
Euis :”Ah akang mah
bisa aja.”
Ibro :”Neng..”
Euis :”iyaa kang?”
Ibro :”Neng lagi
ngapain nih sendirian disini? Bahaya loh neng sendirian mah.”
Euis :”Lagi jemur we
a. ih emangna kenapa gitu lamun sendirian?”
Ibro :”Aeeh ai si Eneng, bahaya atuda kalo buat
orang secantik Neng mah, banyak nu rek nyulik.”
(ketawa kuda)
Euis :”Ah akang mah
bisa ajaaa.. Oh enya, akang..akang ieu abi tos geulis can?”
Ibro :”iiih ai neng
Euis mah atuh panggeulisna saalam dunya dan saeusina.”
Euis :”Iiiiih akang
mah sok jujur gituu ikh.. Ek ditiungan akh ayeunamah.”
(tuluy si Euis niungan buukna)
Ibro :”Tah kitu atuh beuki geulis pan
keliatannya. Kalo gitu mah akang kudu ngaganti lagu atuh euy..
Ekhem..ekheemmmm…
Dia gadis
berkerudung merah, hatiku tergoda terrgugah.. Tak cuma parasnya yang indah, dia
baik dia solehaaaaaaaaah..”
(bakating ku sumangetna nyanyi, eta leungeun si Ibro nepika
nyolok matana si Euis. Tangtuna si Euis teh panonna peuriheun)
Euis :”Adaaaaaaaawww,
ikh ai akang aduuuh, peurih ginii iikhhh, aaaaaaaa.” *kokosehan*
Ibro :”Euleuh
euleuh.. Aduh neng aduuh hampura neeeng punten akang enggak sengaja ciusss..
Sini-sini,
mana yang peurihnya yang manaa wang tiup ku Akang?”
Euis :”Ah atuda
akang mah akh, ieu yeuh yang ini aduuh, ikh peurih iiiiiikh.”
(Tuluy
Si Ibro niupan panon si Euis anu kacolok ku leungeunna tea. Teu kanyahoan
tidituna, epekteh torojol si Pak Ustad ngagareuwahkeun si Ibro jeung si Euis nu
keur duduaan.)
P.Ustad :”Astagfirulloh,Innalillahi,Allohuakbarrrr..
Sungguh terlaluuu ieu maneh Ibro nanaonan siang bolong gini duduaan sama si
Euis?? Di tempat sepi jaba ciciuman deuih sikehed teh!.”
Ibro+Euis:”Eeeeh ada pa Ustad hehehe”.
p.Ustad :”Ya
Alloh,aimaneh nya! Tong duduaan dinu sepi! Apal meureun mun aya jelema duaan, berarti yang ketiganya setaan.”
Ibro :”Iyeeey
ai Pa Ustad, pan nu kahiji abi, nu kadua neng Euis pujaan hati abi, tras nu
katiluna mah pa Ustad. Berarti pa Ustad
atuh setanna hahaha.”
(si Ibro seuseurian,si Euis mah ngan bisa
nyiwitan si Ibro kusabab omongannana.)
P.Ustad : ”Aaaaah
silaing mah dinasehatan the ngadon kitu geuning!! Yaudah ah bapak mah mau
ke Masjid dulu, jadwal Adzan yeuh.”
Euis : ”Oh enya muhun mangga pa Ustad.”
Ibro : ”Heem mangga, salim heula ah Pak mih rada
dines.”
(Si Ibro jeung si Euis salim ka Pa Ustad. Tuluy eta jala nu
duaan kalah nuluykeun ngobrolna)
Ibro :”Ah neng, Pa
Ustad mah ngaganggu nyaa!.”
Euis :”Nya henteu
atuh Kang,eh.”
(Teu lila, torojol si Abah bari nyarekan)
Ibro :”Euuuh neng,
datang deui geuningan tuh jurigna. Eh orang ketiga maksudnya.”
Abah :”Euiiiiiiiiiiiis,
ai silaing nanaonan duduaan jeung si borokokok.”
Ibro :”Laah gawat
euy. Kudu kabur ieumah ah. Kabur ah kabuuuuuuuuuuuuuuur!!”
Euis :”Ih ai akang,
akaaaaang!!”
Abah :”Pek siateh rek
kamana borokokok! Ku aing udag siah!”
(Tuluy si Abah jeung si Ibro paudag-udag nepika capeunna)
Ibro :”Halah Abah..
Eunggeusan ah capeee aduh.”
Abah :”He’euh euy cape, nyeuri cangkeng deuih
ampuuuuun teuing. Da maneh teh ai rek bener- bener ka si Euis mah datang atuh
siateh ka imah borokokok! Lain duduaan kieu! Ngerakeun kolot siamah!!”
Ibro :”Oh kituu, heug
atuh ah. Tapi ayeunamah ek kabuuuuur”
Abah :”Sikeheeeed!”
Euis :”Atos Abah ikh
atoss”
Abah :”da gara-gara
maneh, balik siah geura gegeroh! Imah pabalatak deuih geura beresan!”
Euis :”Muhun abah
muhuuun.”
(tuluy si Euis dibetot ku si Abah balik ka imah)
TAHAP II(Di imah)
Si Euis tuluy
dibawa kaimahna ku si Abah. Diimah na si Euis dicarekan pedah tadi duduaan
jeung si Ibro.
Abah :”Peksiah Euis
maneh teh hantem we duduaan jeug si Ibro!”
Euis :”Atudaaaa
ikh….”
Abah :”Atuda atuda
siah. Maaaaak!! Emaaaaak yeuh si Euis yeuh ka si Ibro wae yeuh!”
Emak :”Aya naon ieu teh
aya naoon ateuh meni hariwang??”
Abah :”Iyeu yeuh si Euis hantem we deudeukeutan
jeung si Ibro. Tadi ge keur duduaan wee
geura!”
Euis :”Ih da eta mah
teu kahaja da emak ikh, singsungsingdem na ge!”
Emak :”Laaah aimaneh
ai geus kaluar bahasa kitu teh, teuing akh teu kaharti.”
Abah :”Ceuk abah
yeuhnya, mun si Ibro rek bener-bener ka maneh ,Euis. Titah datang kadieu.
Wawanianan
kadon deudeukeutan kitu!”
Euis :”Muhun abah
muhunnn.”
Abah :”Geuwat sok
telepon ayeuna si borokokok na!!”
Emak :”Aeeeh, ai Abah
meuni buru-buru kitu ikh!”
Abah :”Kembaee mak lah
tuman. Mih teu ngerakeun wae.”
Euis :”Iiiih, heug
atuh erek ditelepun ayeuna.”
(Tuluy si Euis ngaluarkeun hapena. Tuluy mencet nomer si Kang
Ibro)
~~~~~~”Nomor
yang anda tuju sedang selingkuh ulah waka diganggu”~~~~~~
Euis :”iiiiih si
akang na ge keur selingkuh ceunah ikh bah, mak.”
Emak :”Aeeh sikhed the
geuning kitu.”’
Abah :”Tuh da nya
teubaleg budak etamah”
Euis :”ke atuh bah
wang cobaan sakali deui nya.”
(tuluy si Euis nelepon deui nomer si Ibro)
~~~tuuuuuut,tuuuuuuuuut~~
Ayeunamah nyambung.
Euis :”tah geuning nyambung
bah.”’
Abah :”Heeh atuh sok.”
Emak :”Heeh atuh
sukur.”
Euis :” akang, akang lagi dimana ikh? Katanya
ceunah lagi selingkuh?? Bener gak kang? Teganya si akang mah..
… ooh, ih atuh bilang kang dari tadi.
Oh iya akang, akang disuruh sama si Abah jeung si Ema kabumi
ayeuna. Diantos yah kang!!”
Abah :”Gimana ceunah?”
Euis :”Muhun ceunah
bah bade, tadi teh si akang na lagi bobo ceunah.”
Emak :”Oheem ath sip
ai kitu mah.”
Abah :”Keun wang
dagoan.”
(Geus rada lila ngadagoan, epekteh si Ibro teu datang wae.
Nepika kareuseuleun.)
Abah :”Manaa atuh si
Ibro teh eweuh wae geuningan!”
Emak :”Heeh Euis ikh
mana ath euweuh geuningan.”
Euis :”Iiiikh sabar
atuh mak, bah. Sakedap deui panginten ikh.”
(Euis, Abah, jeung si Emak geus ilfil sabab si Ibro teu datang
wae geus didagoan salila tilu jam teh.)
Abah :”Lah, moal
datang meureun si Ibro the! Hanas didagoan ku urang.”
Emak :”Heeuh Euis! Nya kamanaa atuh si Ibro teh.
Eunggeus akh emak mah ek ngakeul sangu heula
akh. Lila atuda si Ibro mah.”
Euis :”Atu maak
ikh!”
Abah :”Heeuh akh Abah ge tunduh ek sare . kieu we
atuh ayeuna teang ku maneh si Ibro na. tuluy bejakeun mun Maneh na rek
bener-bener ka maneh,Euis. Kudu boga pagawean anu merenah. Atawa kudu mawakeun
duit sing loba. Samilyarrr!!”
Euis :”Waduuh abah.
,maenya samilyar atuh ikh beurat teuing
bah.. Karunya si Kang Ibro.”
Abah :”Pokonamah abah teu hayang nyaho. Kudu aya
samilyar pokonamah. Geus ah abah ek sare, teu kuat geus tunduh.”
Euis :”Ih abah
atudaaaaaa.”
(Tuluy si Abah ngaleos ka kamar. Si Euis ngahuleng kusabab
bunging sieun si Kang Ibro teu bisa nyumponan syarat ti si Abah.)
TAHAP III(Di gardu)
Mang Uned
jeung mang Sopyan keur ngalobrol dina gardu.
Uned :”Opyan, kuring
rek nyarita yeuh kamaneh.”
Sopyan :”Pek we atuh ek
nyarita mah da gratis ieuh.”
Uned :”Kieu yeuh yan, anak
ucing nu urang paeh geura euy.”
Sopyan :”Nya kunaon ath
make bisa paeh kitu?”
Uned :”Pan ku kuring
the diseuseuh ucingna. Eh di mandian make rinso ketang.”
Sopyan :”Nya terus, naha
beut bisa paeh kitu geuningan?”
Uned :”Etaaa, pas keur dirinsoan mah da teu
nanaon anak ucing the, eh naha geuning nya ai pas keur ku kuring diperet, naaaa
ujug-ujug teu hirup deui geura anak ucing the.”
Sopyan :”Aaaaaaah, aimaneh nya heeh atuh diperet mah
jadi modar ai silaing ikh tara mikir geuningan. Bodo dipiara maneh mah.”
Uned :”Wah maenya?
Euuuh salah urang atuh nya euy.”
Sopyan :”Nya heeuh ath
akh riweuh maneh mah.”
(Teu lila, torojol si Euis ngaliwat bari rurusuhan, nya atuh
ditanya ku si Mang Uned jeung Mang Sopyan the)
Sopyan :”Euleuh euleuh neng
Euis bade kamana meuni rurusuhan kitu?”
Uned :”Muhun neng bade
kamana yeuh?”
Euis :”Euis the lagi
sibuk Mang.”
Uned :”Sibuk apa atuh
neng the?”
Euis :”Lagi milarian
si Kang Ibro. Oh enya, amang liat si Ibro teuu?”
Uned :”Enggak tuh
neng, gak liat amang mah.”
Euis :”Ai mang oop
liat teu?”
Sopyan :”Henteu eum neng
amang ge. Emangna aya naon kitu neng?.”
Euis :”Yaaaah, henteu mang aya sesuatu we
pokonamah.. Nya atuh mang hatur nuhun aikitu mah..”
Uned+Sopyan:”Muhun neng sami-sami”
(Si Euis neruskeun deui neangan si kang Ibro na)
Uned :”Aya-aya wae ai
si Neng Euis mah ah.”
(Tuluy si Mang Uned jeung Mang Sopyan ningali awewe nu
geuliiis pisan)
Sopyan :”Eh ned tempo ned
tempo.!”
Uned :”Aya naon eh aya
naon meuni riweuh kitu aimaneh akh?”
Sopyan :”Tempo atuh tuuh,
aya awewe geuliss.”
Uned :”Walah
mana-mana???”
Sopyan :”Aaaah riweuh
maneh mah ai ngadenge nu geulis teh!!”
Uned :”eeeh nya tangtu
atuh.”
Sopyan :”Siga bule euy
itumah. Tempo we awakna ge meuni bodas kitu!”
Uned :”Heem euy, bule
euy etamah bule. “
Sopyan :”Rek kamana nya
euy bule, sampeurkeun yuuu!”
Uned :”Hayu atuh
hayuu..”
(Pas rek di sampeurkeun, singhoreng aya 2 copet nu geus
ngadodoho tas si bule eta.)
(Gerewet eta kantong si bule the dijambret ku 2 copet tadi, si
Bule tangtuna gogorowokan da sieuneun)
Masha :”ooooooh my to
the gooooood!!! Helppp meeeeeee ooo help meeeeeeeeeeee!!”
(Si copet langsung kabur, Mang Uned jeung
mang sopyan anu nempo kajadian eta langsung ngudag si eta copet)
Sopyan+Uned :”Ahh eta
si copet wawanianan, hayu urang udagggggggg!!”
(Tuluy 2 copet tadi
paudag-udag jeung si Mang Oop jeung mang Uned, Pas keur paudag-udag teh, si
copet berhasil nyumput sarta ngagaledah isi tas si bule)
Copet 1:”Ahahaha, meunang mangsa yeuh poe ayeuna. Keur hoki
urang the.”
Copet2:”Heeh bos bener. Sok atuh yap geura buka eta isi tas
na. pasti loba duitan geura.”
(Tuluy eta tas digeledah ku si pencopetna)
Copet1:”Anjiiir, ieu teh awewe bule atawa tukang matrial.”
Copet2:”Emangna kumaha kitu bos??”
Copet1:”Tempo atuh, da biasanamah awewe the jero tas na aya
dompet, make-up, jeung alat
kecantikan
nu sejen,. Naaa ari ieu kadon aya tang, obeng, jeung gunting sagala.”
Copet2:”Hahaha, awewe nanahaon atuh etamah. Awewe jadi-jadian
meureun bos,”
Copet1:”Hahaha, heeh bissa kitu ge. Lah gatot atuh meunang
duit teh.”
(Epekteh torojol si Mang Uned jeung si Mang sopyan
ngagareuwahkeun)
Uned :”Peksiaaaah
didarieu geuningan maneh teh.”
Sopyan :”Balikeun siah
tas si awewe tadi!!”
Copet1:”Taah kop bawa teu butuh lah. Hyu wang kabur.”
Copet2:”Heeh bos hayu kabur.”
(Brebet si copet lumpat nepika jauhna)
Uned :”Euuuh maneh the
kadon kalabur.”
Sopyan :”Baelah nu
penting mah tas na geus balik deui.”
Uned :”Heeh yap.”
(Tuluy mang Uned jeung mang Sopyan nyampeurkeun si awewe bule
tadi)
Uned :”Ini neng tas
nya.”
Masha :”Oh thanks, but
dompet saya is not in my bag.”
Sopyan : (bari
ngaharewos ka si mang Uned) “Ngomong naon bieu eta awewe? Teu nagrti
urang mah ikh.”
Uned :”Baelah, Yes we
kitulah. Hahaha”
Uned+Sopyan :”Yes”
Si bule mesem bari aneheun.
Tuluy, Mira jeung Ina kabeneran ngaliwat. Trus nanya kanu keur
ngarumpul bieu.
Mira :”Euleuh aya
naon ini the meuni rame??”
Ina :”Iya aya naon
meuni rameee?”
Masha :”Eh, hai!! Good
morning.”
Ina : (bari
ngaharewos ka si Mira) “Naha geulis geulis mawa munding ra?”
Masha :”What do you
say?”
Ina :”Hah? Kawat jeung seeng?”
Mira :”iiih ai kamuu,
Good morning the artina selamat pagi. Trus What do you say the artina apa yang
kamu katakan. Eta the bahasa inggeris na!”
Ina :”oooh,,”
Mira :”Where do you come from? What is your
name? I’m sorry I only can speak English little-little.”
Masha :”Oh ya I come from Amerika. My name is Masha.
Oh ya saya bisa berbahasa Indonesia sedikit.”
Ina :”Tah ku bahasa
eta we amih kaharti.”
Uned :”Ieu, tadi si eneng ieu kacopetan. Ku amang
the dibantuan. Tos ah amang mah bade kaditu heula nya neng.”
Ina+Mira:”Muhun mangga mang.”
Mira :”ada keperluan
apa kamu kesini?”
Masha :”I want to search
this……”
(Bule eta nembongkeun kertas nu eusina alamat)
Ina :”Naon ra,
naon?”
Mira :”Oooh, ini. I know sist. Iyeu yeuh alamat
na si kang Ibro ieumah. Fotona ge foto si kang Ibro”
Masha :”Really? oh
thanks.”
Ina :”iiiiih
ngaromong naon atuh ikh teu ngarti abi mah ikh. Emang aya naon ka si kang Ibro?”
Mira :”Memangnya ada
keperluan apa dengan Ibro?”
Masha :”I have something
that must be sent to him. Saya adalah adik tirinya”
Mira :”Oh,begitu,”
Ina :”oh si eteh
eta the ade tere na si kang Ibro.. euleuh-euleuh”
Masha :”Would you like
to accompany me to find him?”
Mira :”Oh, of
course.”
Masha :”Oh ya
sebelumnya. I forgot to ask your name. siapa nama kamu?”
Mira :”Saya Mira. And
this is my friend.”
Ina :”Saya the
Ina.”
Masha :”Oh yaya, nice to
meet you.”
(Tuluy Mira jeung Ina nganteur si Bule ka si kang Ibro.
Kabeneran pas ditengah jalan panggih jeung si Kang Ibro)
Mira :”Ikh.. itu kang
Ibro!!”
Ina :”Heeh ikh itu
kang Ibro.”
Masha :”Kang Ibrooooo!!”
Ibro :”Aeh neng
Mashaaaaaaaa, dari kapan disini!!”
Masha :”Baru tadi kang.”
Ibro :”Gimana
kabarnya Neng?”
Masha :”Baik, akang
gimana?”
Ibro :”Baik juga
neng.”
Mira :”Yaudah atuh
ah, aku permisi dulu ya..”
Ina :”Iya, hayu
aah.”
Ibro+Masha:”Iya-iya.”
Tuluy Mira jeung Ina ninggalkeun si Ibro jeung si Masha.
TAHAP IV(Di Taman)
Ibro :”ekhem neng,
hayu atuh ah kita duduk ajaa..”
Masha :”Iya kang hayu.”
(Tuluy si Kang Ibro jeung Masha diuk na korsi)
Ibro :”Oh iya,
memangnya ada keperluan apa neng datang kesini?”
Masha :”Masha ada perlu
sama akang.”
Ibro :”Euleuh-euleuh,
aya perlu apa atuh neng?”
Masha :”Masha ketitipan
warisan dari si Ibu yang di Amrik kang.”
Ibro :”Warisan buat siapa
neng?”
Masha :”For you kang,
buat kamu.”
Ibro :”Walaaaah?
Alhamdulillah atuh neng, berapa nih kira-kira?”
Masha :”200 Milyar
kang.”
Ibro :”haaah??
Seriusan neng??”
Masha :”Iya kang, neng
serius ini.”
Ibro :”Alhamdulillah
gustiiiiiii. Akhirnya abiteh kaya juga geuningaaaaan.”
Masha :”hahaha, iya
kang. Ini uangnya.”
Si Masha merekeun amplop nu eusina duit 200 Milyar.
Si Ibro atoheun pisan nepika disusuhun duit etateh.
Ibro :”Alhamdulillaah
gustiiii, bisa atuh euy ieumah kawin jeung si Neng Euis.”
(Disisi
lain)
Ina :”Neng Euis
heh, bade kamana?”
Euis :”Bade milari
si Kang Ibro abiteh.”
Mira :”Ohh, abi tadi
pendak.”
Euis :”Wah maenya?
Dimana dimana?”
Mira :”Tuh diditu
tuh, nuju ngobrol da.”
Ina :”Heem tuh di
taman ditu.”
Euis :”Euleuh..
euleuh, nya atuh nuhun nya.”
Mira+Ina:”Muhun mangga neng, sami-sami.”
Tuluy si Euis langsung ngajugjug tempat nu ku Ina jeung Mira
ditunjukkeun. Pas nempo the geuningan Si Ibro keur duduaan jeung awewe.
Euis :”Akaaaang!!”
Ibro :”Aeh eneng……”
Euis :”Ai akang ikh,
eta sahaaa!!!! Aaaah akang mah kitu ah kitu kituuu”
Ibro :”Kela neng ikh,
kelaaa.. ku akang bisa dijelaskeun masalah ieu mah!”
Euis :”Dukaa ah!”
Ibro :”Euiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiis!!
Kelaaaaaaaaa ikh.”
(Si euis langsung ngaleos ku sabab rasa timburu na anu geode.
Nyangkana si awewe eta the selingkuhannana si Ibro)
Masha :”Akang siapa dia?
Ko marah-marah sih?”
Ibro :”Itu neng, dia
teh pacar akang, pasti dia nyangka na akang lagi selingkuh.”
Masha :”Hahaha, ada-ada aja tu orang. Akang langsung
susul dia gih. Masha pengen istirahat aja dirumah akang.”
Ibro :”Oh iya atuh
sok neng, akang mau jelasin dulu sama si Euis.”
Tuluy si Ibro hanjat ek neang si Euis. Masha mah langsung
mulang kaimah na si Kang Ibro.
TAHAP V (Di hareupeun Imah)
Si Euis nyampeurkeun Mira jeung Ina nu keur diuk di hareupeun
imah. Si Euis langsung curhat ka si Ina jeung Mira.
Euis :”naaa, raaa..
abi ek curhat aduhh.”
Ina :”Nya kunaon
ikh ai neng.”
Euis :”Si akang Ibro
saalingkuuuuh.” *manyun*
Mira :”Hah?
Salingkuh? Jeung saha neng ikh jeung saha?”
Euis :”Duka da jalmi
na the bodas, geulis deuih. Beungeut Indo welah pokonamah.”
Ina :”Ih, sugan
jeung si Masha eta mah.”
Euis :”hah? Mashaaa?
Saha Masha the?”
Mira :”Ih kela, ai
neng nempo si Kang Ibro keur jeung awewe eta pas dimana?”
Euis :”Eta ditaman. Nu tadi tea ditunjukkeun ku
Mira jeung Ina geuning. Tah pas ditempo the geura si Akang Ibro na keur duduaan
jeung awewe geulis.”
Ina :”hahahaha heeh ra, eta mah si Masha
meureun. Pan tadi the keur duduaan di taman jeung si Kang Ibro.”
Mira :”Hahaha, muhun
.. neng etamah sanes selingkuhanana si Kang Ibro da.”
Euis :”Hah? Trus
saha na atuh? Naha meuni duduaan kitu geuningan.”
Ina :”Etamah
dulurna si Kang Ibro. Adi tere na si
Kang Ibro nu ti Amerika.”
Euis :”Hah? Maenyaaa
ikh?”
Mira :”Muhun ikh Euis.”
Euis :”Euleuh,
berarti abi salah atuh euy ka kang Ibro. “
Ina :”Heeh ikh
Euis, suudzon etateh namina.”
(Keur kiitu, si Ibro torojol ti beh ditu)
Ibro :”Euiiiiiiiiiiiiiiiiiis
geuningan anjeun the didieuu.”
Euis :”Eh akang..”
Ina :”Tah euis aya
si kang Ibro na.”
Ibro :”Neng akang the
mau ngejelasin tentang yang tadi tea neng ikh.. punteeeeen..”
Euis :”Gausah
dijelasin lah kang.”
Ibro :”Loh kenapa
neng?”
Euis :”Euis udah tau
semuanya kok.”
Ibro :”Jadi neng euis
gak ngambek nih?”
Euis :”Enggak kang.”
Ibro :”Alhamdulillaaah
, akang the mau cerita sesuatu nih.”
Euis :”Cerita apa
kang?”
Mira :”Ikh kita jadi
pengganggu nih Na.”
Ina :”Heeh ikh, yu
akh kaditu yu..”
Euis :”Aeeeeh, bade
kamaraaaa..”
Ina+Mira:”Henteu akh, sok wee. hihihi”
(Tuluy Mira jeung Ina ninggalkeun Ibro jeung Euis)
Euis :”Nyarita naon
kang??”
Ibro :”Ieu yeuh neng,
akang the boga kabar gembira!”
Euis :”Hah kabar
gembira naon kang naoon..?”’
Ibro :”Akang kaya
neng ayeunamah!! Kayaaaa, beunghar!!”
Euis :”Hah? Nu bener
kang? Akang ayeuna jadi benghar?”
Ibro :”Heeh. Akang meunang warisan ti Ibu tere
akang anu di Amerika. Mere warisan 200 milyar neng!!!”
Euis :”walaaaah?
Alhamdulillah atuh kang, ya Alloh Alhamdulillah. ”
Ibro :”Jadi atuh akh
kawin jeung neng euis the euy!!! Assssssssiik Hahaha”
Euis :”Hahaha, alhamdulilaaah neng kawin oge
jeung akang! Asiiik ahahah. Si abah the pernah nyarios, cnah mun akang haying
ka neng, akang kudu mawa duit nu loba.”
Ibro :”Hahaha bae
neng, ayeunamah akang the pan jadi kaya atuh niih loba duit na ge.”
Euis :”Horeeee!!”
Ibro :”Yu akh neng
wang ka si Abah ayeuna. Isukan wang kawin akh. Lebih cepat lebih baik.”
Euis :”Hahhaha heeh
hayu kang hayuuu!!”
Tuluy si Euis jeung si Ibro ngajugjug imah. Caritanamah ek
ijin ka si Abah jeung si Emak. Isukan maranehannana hayang buru-buru kawin.
TAHAP VI (DI Imah)
Euis+Ibro:”Assalamualaikum.. abaaah emaaaaak..”
Abah :”Euuuy aya
naonnnn.”
Emak :”Aya naon euis
aya naon.”
Euis :”Ieu yeuh aya
kang Ibro yeuh.”
Abah :”Tah maneh the
borokokok wani oge geuningan maneh kadieu.”
Ibro :”Eeeh nya wani
atuh . da abi mah ayeuna the tos jadi kaya bah, beunghar.”
Abah :”Beunghar? Teu
percaya urang mah maneh jadi beunghar!”
Emak :”Maenya Bro?
bener etateh? Bener Euis?”
Ibro :”Nya bener atuh
mak ikh.”
Euis :”Muhun mak.”
Ibro :”Tuh ceuk euis ge
muhun.”
Abah :”Mana atuh
buktina manaaa?”
Ibro :”Yeuh atuh abah
beungeut abi beuki ganteng kieu, manya teu katingal akh..”
Abah :”naaaon atuh
beungeut maneh mah tibaheula ge kitu kehed goring patut.”
Euis :”Eeeeh ai si
Abah.”
Ibro :”Euuh, yeuh atu
yeuh kuring mah boga duit 200 milyar deuleu.”
Emak :”Busyeeeet, 200
milyar bro?”
Ibro :”Muhun mak, 200
milyar.”
Abah :”Haahaha, aing
mah moal bisa katipo kehed.”
Euis :”Aeeh aria
bah. Ieu mah beneran bah.”
Ibro :”Aaah si abah
mah teu percayaeun. Yeuh atuh yeuh tempo yeuh duitna.”
(Si Ibro nembongkeun amplop nu aya eusi duitan ka si Abah)
Abah :”Walaaaaaaah, boga duit timana silaing
saloba-loba kieu? Sugan meunang ngepet nya maneh mah.”
Emak :”Ikh si abah
suudzon kitu aeeh.”
Euis :”Heem ikh si
Abah mah.”
Ibro :”Iyeeey nya lain atuh bah. Kuring mah
meunang duit eta the ku jalan nu halal. Tanpa maling,ngepet,ngepot,ngopet.”
Abah :”Trus timana atuh maneh boga duit etaa?”
Ibro :”Eh, atuh kuring mah meunang warisan ti
Ibu tere weyaaaah. Ibu tere kuring tea atuh bageur tiada tandingannya. Mere
warisan ge nepi ka 200 milyar.”
Abah :”Oh kituu.”
Euis :”Tuh nya bah,
matakna ulah suudzon kitu.”
Ibro :”Kumaha atuh
bah? Diijinan teu saya mengawini neng Euis the? .”
Abah :”Lah ulah Euis.
Ulah.”
Euis :”Ikh naha ulah
bah?”
Emak :”Naha bah?”
Ibro :”Yaah, pan atuh
kuring the geus mawa duit loba. Naha acan keneh wae di restuan ikh.”
Euis :”Abaaaah atu
ikhhh. Pan atuh kang Ibro tos nyumponan syarat ti Abah.”
Abah :”Heeuh ulah,
ulah pokonamah.”
Ibro :”Atuh baaaah,
penonton…bantuin atuuuh.”
Euis :”Abah
atuuuuuh.”
Abah :”Heeuh maksudna
the ulah nepika di tolak euis. sok ku
Abah geus direstuan ayeunamah.”
Euis+Ibro:”Hah? Serius bah??”
Abah :”Beneeeeer.”
Euis+Ibro:”Alhamdulillah, horeee akang.. neng… isukan
kawiiiiiiiiiiiiiin!!!” yeeyeyeyeye
Emak :”Alhamdulillah…”
Abah :”Geus atuh yap
wang siapkeun jang acara isukan.”
Emak :”Kela ku emak
wang telepun heula lebe na.”
Abah :”Heeh sok mak.”
Tuluy si Emak ngaluarkeun hapena, rek nelepon ka pa Lebe.
Tuuuuuuuuuuuuuut..tuuuuuuuuuuuut… sora telepun nyambung.
“halo asalamualaikum pa. ieu abi jeung Emak na si Euis.
muhun.. muhun.
Eeeh, nya rek ngawinkeun atuh ka pa lebe mah, manya rek sunatan.
Iiih eta anak abi hiji-hiji na nu parawan. Heeh bade kawin
isukan. Jeung si ibro. Eeeh da si Ibro the ayeunamah jadi milyarder atuh eh
teapaleun. Heeh siap, jam sbaraha? Hah? Sore teuing atuh pa, kaburu luntur yeuh
make-up. Oh siap jam 8. Okefix. Haturnuhun pa, waalaikumsalam.
Euis :”Kumaha ceunah
,mak?”
Emak :”Heeh ceunah jam
8.”
Euis+Ibro:”Horeeeeee jadi euy kawin the. Asiiiiikkkk.”
Ibro :”Kawiiin..kawin…
isukan urang ek kawiin.. kawiin kawiiin.. asssiiiik euyy.”
Abah :”Nya enggeus
atuh yap wang nyiapkeun jang isukan ayeunamah.”
Emak :”Heem hayu.”
Euis+Ibro:”hayuuu!!”
Tuluy si Abah,Emak,Ibro jeung Euis beberes imah. Sarta
nyadiakeun meja keur akad engke.
TAHAP VII( )
Kaisukannana, si Euis jeung si Ibro kawin. Keur rek di akadan
ku pa lebe.
Pa lebe :”Ekhem ekhem..
mana atuh pangantenna? Meuni lila.”
Abah :”Kela pa, nuju
bade kadieu ieu ge.”
Emak :”Kela atuh nya
Bah wang susulan.”
Tuluy emak nyusulan si Panganten nu teuing keur naon keneh.
Akhirna si mempelai panganten datang ka lokasi akad.
Tuluy diuk dihareupeun pa Lebe jeung diharupeun tamu undangan
nu sejen.
Akad nikah di kawitan.
Pa lebe :”atos siap
jang?”
Ibro :”i..insya..insyaalloh
pak.”
Euis :”Kunaon
akang?.”
Ibro :”Ngadaregdeg
neng euy. Aduh kesangan deuih.”
Euis :”Euuuh,
tenangkeun kang, ke wang elapan kesang na.”
Pa
Lebe :”Sok nya, dikawitan wae
ayeuna. Ekhemm..ekhem… mangga urang sasarengan kawitan ku lafadz basmalah,
bismillahirrohmanirrohim. Saya nikahkan Ibro dengan Neng Euis binti Abah,
seperangkat alat solat duit 200 milyar sarta saperangkat cacing
kalung,munding,embe,dibayar hutang.!”
Ibro :”Sss..ssa..saya
terima nikah nya Saya dengan munding dan cacing kalung…”
Pa lebe :”Heup heup..
salah salah balikan deui.. naha jadi kawin jeung munding ai maneh!”
Euis :”Aeeeh ai kang.. Ulah tegang geura kang,
rileks atuh akh. Manya kawin jeung munding ikh.”
Sakabeh nu aya didinya nahan seuri.
Abah : (bari noel si
Ibro) “Eeeeh sing baleg atuh kehed. Ngerakeun pisan.”’
Emak :”Heeh ikh.”
Pa
lebe :”Geus, wang balikan deui ayeunamah..
bismillahirrohmanirrohim . Saya nikahkan Ibro dengan Neng Euis binti Abah,
seperangkat alat solat duit 200 milyar sarta saperangkat cacing
kalung,munding,embe,dibayar hutang.!”
Ibro :”Saya terima nikahnya saya dengan Neng
Euis binti munding dengan seperangkat Abah dan…”
Pa Lebe :”Heup!!
Salah deui wae nya aimaneh.”
Abah :”Teu sopan maneh
the ka urang!”
Emak :”Sabar abah
sabar… can bisaeun si Ibro na.”
Euis :”Akang atuh
ikh focus.”
Pa lebe :”Lamun anjeun
ayeuna salah deui, ieu akad moal syah. Ieu kawin batal kabeh.”
Euis :”Atuh
akaaaaaang ikh. Maenya teu jadi kawin na!!”
Ibro :”Muhun neng
muhun diusahakeun.”
Pa lebe :”Sok ah deui. Bismillahirrohmanirrohim . Saya
nikahkan Ibro dengan Neng Euis binti
Abah,
seperangkat alat solat duit 200 milyar sarta saperangkat cacing
kalung,munding,embe,dibayar hutang.!”
Ibro :”Saya terima nikahnya saya dengan Neng
Euis binti Abah, seperangkat alat solat duit 200 milyar sarta saperangkat
cacing kalung,munding,embe,dibayar hutang.!”
Euis+Abah+Emak:”Alhamdulilaaaah.”
Pa lebe :”Bagaimana para
saksi, syah??”
Saksi :”Syaaaaaaah.”
Euis+Abah+Emak+Ibro+Tamu:”Alhamdulilaaaah.”
Pa
Lebe :”Alhamdulillahirobbil
alamin, robbana atina fiddunya hasanah wafil ahiroti hasanah waqina azaabannar.
Amiiin. Alhamdulillah acara parantos rengse. Waktosna tuker cincin. Mangga”.
(Tuluy Euis jeung Ibro tuker cincin)
Abah :”Tos ah
ayeunamah wang foto bersama yap.”
Emak :”Hayu bah,
hayu.”
Euis+Ibro:”Hayuuu.”
Nu
ngamera :”Sok eta sok mempelai
pengantinna rada pacaket, muhun kitu, nya sae, satu,,,dua,,,tiga,,, cekrek
cekrek.”
AKHIRNYAA
KAWIN JUGAAAAAAAAAA J
J
Akhirna si Ibro jeung si Euis jadi oge kawinna. Maranehanana
hirup bahagia salilana.
Ngahaturkeun nuhun kanu parantos macakeun carita atanapi Drama tisimkuring, mudah-mudahan aya manfa'atna kanggo anjeun sadayana anu sakola atanapi anu henteu,,.... Wartosan anu sanesna luuuurrrr :D
Wassalamu'alaiqum. Wr. Wb
0 comments:
Post a Comment